Tips move on

-Tips Move On-
"hae, apa kabar?"
"baik"
"kamu makin cantik deh, balikan yuk "
"nuhun, embung"
"*nguyup cai beas* "
Eta conto percakapan jelema nu hese move on, sebut lah ngaran jelema eta ncep jeung esih sang mantan terindah. Si ncep hese melupakan mantan na kusabab masih cinta walaupun si esih geus boga incu oge tetep weh di uudag anjir. Antara cinta mati dan belegug lahir batin :'D
Ceuk aki aing, putus cinta mah teu nyeri, anu nyeri mah geus putus tapi masih cinta trus najong ball plastik, padahal jero na batu. Sakit ngeudhtz aisia! :((
Loba alesan beda-beda ti tiap jelema soal "susah move on" ti mantan na, aya anu ngomong masih sayang lah, aya nyeri hate keneh lah, aya nu inget kenangan kenangan manis pas keur ngabangsat beusi rel kereta api. Loba pokokna mah!
Tapi aya oge jelema nu geus bener bener poho ka mantan na, suatu saat si mantan eta jol ngahubungi deui. Atuuuh hati ini jadi ngarep balikan deui, padahal mah mantan ngahubungi deui teh pas keur pasea jeung kabogoh na. Aing mineng kitu! :'D
Aing oge kadang sok kaduhung lamun nempo mantan nu baheula pas bobobogan jeung urang siga anteneu didandanan, tapi pas geus putus jadi leuwih geulis siga artis. Iya kaduhung baheula kuer dikebon teu di perkosa we... Eh astagfirulloh naha jadi curhat :(((
Move on jadi pilihan disaat dua insan yang dipersatukan tiba tiba harus pisah kusabab ego maraneh na sorangan. Daripada saling menyakiti satu sama lain mending putus, karena cinta hakikatnya saling memberi tanpa mengharap angsulan.
Sebagai cowok keren, cool, dan lagi gemes gemes nya, aing akan memberi tips move on kepada kalian,
Ini dia tips move on ala aing:
1. Tong cicing sorangan di imah.
Maksudna ulah cicing wae sorangan di imah teh, nya ulin atuh aisia, kecuali maneh korsi meja belajar. Kan biasa na anu karek putus mah resep menyendiri, mawa lilin, make helm anu aya kameraan. Uji nyali weh!
Kumaha rek move on, pas keur sorangan di imah, inget mantan. Keur modol nyoo jolang siga beungeut mantan, langsung galau. Naheur cai sora ngahiungna asa jiga lagu Raisa - mantan terindah. Akhirna inget gas na seep. Trus dititah ku si mamah meser gas, pas dijalan aya nu keur bobogohan. cemburu..
Maksud aing, mun hayang move on nya bergaul jeung babaturan, ulah jadi tertutup. Emang sih teu bisa langsung move on tapi kan lumayan bisa seuseurian mun geus ngumpul mah. Syukur syukur bisa meunang gebetan anyar dibabaturan maneh. Ngan lamun geus ngumpul ulah nyieun kegiatan negatif yah aisia, contona: maok jambu, ngarusak kebon, atau mabok softener soklin. ULAH AISIA NYA OMAT.
2. Neangan kesibukan.
Karasa ku aing oge pas karek putus atau inget mantan sok hoream ceungkat, miceun sekar rokok anu geus panjang kanu asbak dina cokor oge asa beurat. Hayang na teh ngadangu keun lagu anang hermansyah weh anying sapoe jeput bari mabok inzana rasa jeruk!!!
Tapi aing mikir, manya hirup rek dibeakeun ku gagalauan. Kita harus bangkit,
Mun hayang move on atau minimal poho ka si mantan, nyaeta neangan kesibukan. Kesibukan loba contona, bisa nyieun karya, bisa nyieun komunitas pecinta boxer anu karet na geus meral, atau miluan turnamen futsal, meskipun pas najong bal sapatu na coplok oge intina mah teu teringat wae tentang kepedihan yang sedang kamu alami. Mun maneh resep touring coba ulin ka tempat anu can pernah ku maneh datangi, misalna ka kepulauan faroe, ka rental ps anu di bagdad, atau mun teu boga duit bisa ka luhur gunung trus ngaragragkeun maneh weh. Fusing! :((( intina ulah dikurubun ku karpet gambar kuda. Hareudang. Ngabejaan weh aing mah. NEXT
3. Bobogohan deui.
Setelah aing maca buku, buku LKS penjaskes. Aya kutipan nu menarik, nyaeta "mensana in corporesano", yang artinya mun hayang move on kudu menemukan cinta yang baru. KOATKA NYAMBUNG ETA KUTIPAN! KAMANAAA ATUH MENSANAAA! :(((
Tips selanjutnya adalah mencari cinta baru atau bobogohan deui, bagi yang beungeut na tamfan (make f), menawan, jeung ngagemesin jiga aing mah gampang neangan kabogoh deui. Tapi mun anu rujad mah teuing euy, atuda teu apal

Comments

Popular posts from this blog

Cerita pilu undangan gebetan

Mantan jahanam

Konsep ketuhanan komunis